1 Samuel 30
Sanggeus dua poe, Daud sabaladna narepi ka Siklag. Manahoreng Siklag geus aya anu ngarampog, dirampog ku urang Amalek anu ngaranjah pakidulan tanah Yuda. Eta kota geus dihuru,
awewe-awewe kabeh diboyong, teu aya anu dipaehan. Babandaanana beak dikerid.
Daud sabaladna ngan nyaksian kotana geus urut ngahuru, sarta anak rabina geus saruwung dibawa ku batur.
Daud sabaladna tinggarauk careurik antep-antepan nepi ka beak tanaga.
Geureuha Daud oge, Ahinoam jeung Abigail, henteu kasampak, sarua dibawa ku batur.
Daud kacida susaheunana ningali balad sakitu sarediheunana kaleungitan anak rabi, nepi ka anjeunna arek pada ngabenturan ku batu. Tapi manahna ditegerkeun ku PANGERAN Allahna.
Tuluy ngalahir ka Imam Abyatar bin Ahimelek, "Epod candak ka dieu." Epod ku Abyatar disanggakeun.
Geus kitu Daud tumaros ka PANGERAN, "Kumaha abdi teh, kedah nyusul eta rampog? Kumaha kinten-kintenna tiasa kaudag?" PANGERAN ngawaler, "Enya, pek udag, tangtu kasusul, sarta tawanan bisa karebut deui."
Daud sabaladna genep ratus urang geus bral. Barang nepi ka hiji Walungan Besor, baladna aya anu tinggal di dinya.
Daud kebatna ngan jeung opat ratus prajurit, anu dua ratus deui mah naringgalkeun maneh, geus teu karuateun, teu untupan mareuntasan eta walungan.
Di tengah jalan geus di luar kota, balad Daud manggihan hiji budak bangsa Mesir, seug dibawa ka Daud. Tuluy dibere dahar jeung nginum,
sale buah kondang sababaraha guruntul jeung buah anggur kering dua ranggeuy. Sanggeus dadaharan budak teh jagjag deui, kawantu geus tilu poe tilu peuting henteu dahar henteu nginum.
Ku Daud dipariksa, "Ujang urang mana, saha dunungan?" Tembalna, "Abdi bangsa Mesir, badega urang Amalek. Tilu dinten anu kalangkung abdi ditaringgalkeun margi katarajang udur.
Aranjeunna tas ngarampog ka wewengkon Kreti pakidulan tanah Yuda sareng ka wewengkon kaom Kaleb, malah ngahuru kota Siklag."
"Daek mawa kami ka eta rampog?" Daud mariksa. Budak ngajawab, "Mangga. Nanging Juragan kedah jangji demi Allah moal maehan ka abdi, sareng moal mulangkeun abdi ka dunungan."
Ti dinya eta budak teh nganteur ka Daud. Ari rampog-rampog tea keur pabuyar ka mana-mana, nyaratu, ngarinum, sukan-sukan dumeh beubeunanganana ngarampog ti Pelisti jeung Yuda sakitu lobana.
Poe isukna wanci balebat ku Daud ditarajang, terus campuh nepi ka burit. Anu bisa molos tina eta panarajang ngan opat ratus urang, barudak ngora. Kalaburna tarumpak onta. Nu sejenna mah kabeh beak taya anu hirup deui.
Para tawanan kitu deui barang-barang anu dirampog ku eta balad rampog ti Amalek ku Daud karebut deui, kaasup garwana anu dua,
naon ge teu aya nu kurang. Barudak lalaki, barudak awewe, jeung barang-barang anu dijarah ku urang Amalek, kabeh beunang deui ku Daud.
Kajaba ti eta anjeunna meunangkeun deui sakabeh domba jeung ingon-ingon. Eta sasatoan digiringkeun panghareupna ku jelema-jelema Daud, anu nyarebutkeun, "Ieu bagian Daud."
Geus kitu Daud mulih deui nepangan baladna anu dua ratus urang, anu naringgalkeun maneh di sisi Walungan Besor, lantaran geus teu karuateun tea. Maranehna marapagkeun ka Daud sabaladna, ku Daud ditarima ku budi manis.
Hanjakal ti anu ngariring ka Daud aya anu garoreng hate, seug ngaromong kieu, "Nu karitu mah tong dibarere naon-naon da teu milu hese cape. Anak pamajikanana bae bikeunan deui ka dinya, tuluy sina arindit."
Tapi saur Daud, "Ulah kitu dulur-dulur, da ieu teh kurnia ti PANGERAN! Urang ku Mantenna geus ditangtayungan, sarta dikersakeun bisa ngelehkeun eta rampog.
Eta pikiran dulur-dulur teh moal aya anu nyatujuan! Kabeh kudu dibere masing rata walatra. Anu narungguan barang-barang jeung anu arindit jurit bagianana kudu sarua.
Saterusna hal eta ku Daud didamel undang-undang. Sarta ti semet harita eta aturan teh dijalankeun di Israil.
Sasumpingna ka Siklag, barang-barang jarahan teh sabagian ku Daud dikintun-kintunkeun ka para sahabatna, para pamingpin urang Yuda, amanatna, "Ieu hatur lumayan kangge saderek, kenging ngajarah ti musuh-musuh PANGERAN."
Dikintun-kintunkeunana ka urang Betel, ka urang Ramah di pakidulan tanah Yuda, jeung ka nu marangkuk di kota Yatir,
Arur, Sipmot, Estemoa,
ka Rakal, ka bani Yerahmel, ka urang Keni,
ka urang Horma, Bor Asan, Atak,
jeung ka Hebron. Ka kabeh bae sakur anu wewengkonna kungsi dianggo nyiruruk ku anjeunna sabalad-balad.